NASKAH DRAMA SUNDA - Liburan Dikampung Cidawung
NASKAH DRAMA SUNDA DENGAN 18 TOKOH PEMAIN
DRAMA BASA
SUNDA
KELOMPOK 2 XI
IPA 5
Judul
: Liburan Dikampung Cidawung
Tema
: Asmara, Sosial, Komedi
DAPTAR
TOKOH :
1.
AEP SAEPULOH janten
ADI SANTOSO (Ramah)
2.
CECEP ROHIM janten
WA ROHIM (Licik)
3.
DIAH NUROHMAH
janten VANESSA MAYOR (Centil/Manja)
4.
EKO SUNARTO janten
JOKO WIDJAYA (Kocak, Dewasa sakapeung)
5.
FATWA ARYA PUJANGGA
janten ARYA MAULANA IBRAHIM (Bageur, Kalem)
6.
HILMAN TAOFIK
HIDAYAH janten BAGAS DIRGANTARA (Bageur, Ramah)
7.
INTAN NURMAYANTI
janten IBU KOKOM (Rempong)
8.
KIKI KURAESIN
janten FIRA ANGGRAINI (Heboh)
9.
KRISNA MAULANA
janten KEVIN PUJANGGA (Kocak)
10. LESTYA JULI ANDINI janten ARUM CAHYA NINGSIH (Bageur,
Ramah)
11. NISA LAILA ISNAENI janten IBU NUR (Rempong)
12. PURI ANI SUSANTO janten IBU IRAH (Rempong)
13. RITA ROSITA janten BI NIA/IBU RT (Kalem jeung Bijak)
14. SILVIA AGUSTINA janten NADIA PITALOKA (Boloon)
15. TETI HERAWATI janten ALIA MASAYU PUTRI (Dewasa)
16. USWATUN HASANAH janten ANNABETH GLORIA (Telmi)
17. WINDA YULIANI janten WA ANI (Bageur)
18. WINDI PANDARANI janten RANI CAROLINE (Manja/Centil)
Kacarioskeun aya sakelompok jalmi dayeuh anu berlibur ka
lembur Cidawung. Kaleresan aya salah sahiji jalmi dayeuh kasebat anu ngabogaan
kulawargi di kampung Cidawung anu namina uwa Rohim jeung uwa Ani. Sakelompok jalmi
dayeuh eta namina nyaeta ; Rani, Arya, Annabeth, Vanessa, Bagas, jeung Kevin.
Rani,
Arya, Annabeth, Vanessa, Bagas, jeung Kevin turun tina motor tukang ojek. Tos
dugi dilembur Cidawung Bagas teh poho imah dulurna. Teu lila manehna nanyakeun
ka ibu ibu anu keur ngarumpi di warung.
Ibu Yanti, Ibu Nur, sareng Ibu Irah teh katelah tukang gosip di lembur
Cidawung.
Ibu
Kokom, Ibu Nur, Bi Nia sareng Ibu Irah ngarumpi diwarung Bi Nia.
Bagas
: “ Assalamualaikum bu, bade tumaros bumina bapa Rohim palih mana?”
Ibu
Nur: “Euleuh-euleuh eta budak teh meni kasep”.
Ibu
Kokom : “Ari si Yanti, teu kaop nempo lalaki anu herang meni riweuh we. Yeuh
jang tidieu teh lurus, belok ka kenca, lurus deui belok ka katuhu, aya masjid,
tuluy ka wetan”.
Bi
Nia: “Ti palih mana kitu jang?”
Bagas
: “Abdi teh ti Lembang, Bandung ibu..”
Annabeth
: “Mangga atuh bu hatur nuhun,bade teras…”
Sakabeh
urang kota: “Assalamualaikum…”
Ibu-ibu
: “Wa’alaikumsalam”
Teu lila Bagas jeung babaturanana nepi di imahna Uwa Rohim.
Bagas
: “Assalamualaikum..”
Arya:
“Wa, uwaaaa, kamana dih si uwa tehh…”
Kevin:
“Ka endi deui lahh ,, eeeeee yg bener baeee…. ?”
(kereeeketttttt) panto disada, Uwa kaluar.
Wa
rohim: “Euleuh euleuh ieu budak , mangga hayu kalebet!”
Sakabeh jalma anu aya diluar lebet ka bumi wa Rohim.
Wa
Ani : “ Duhhhh,, si ujang meni geus ageung kieu , meni pangling uwa mah ,
kumaha damang? Ari ieu saha wae ?”
Bagas
: “Ahhh si uwa, alhamdulilah wa sae, ieu rerencangan wa, maksad kadieu teh bade
liburan”.
Wa
Rohim: “Ohh.. enya enya, sok atuh gera marandi, tuluy engke gera taruang.”
Bagas jeung babaturanna ngampihan barang bawaanna.
Isukna Bagas, Arya, Kevin, Anna, Echa, Rani indit neangan
tempat wisata anu aya di daerah Cidawung. Bagas teu kaburu nanyakeun ka uwana
sabab uwa na keur ka kebon ti isuk mula, geus nepi di hiji tempat, urang kota
eta bingung neangan tempat wisata na. Teu lila papanggih jeung Alia, Nadia, Adi,
Joko, Fira dihiji gardu anu paranti ulin barudak.
Adi
: “Punten asa nembe ningal, ti palihan mana ?”
Kevin
: “Abdi sareng rerencangan ti Bandung anu nuju liburan didieu.”
Alia
: “Oh atanapi ieu teh wargina wa Rohim ?”
Bagas
: “M-Muhun abdi wargina.” (riweuh caper sabab ngarasa kasima ka Alia)
Bagas jeung babaturanna kenalan jeung Adi sarta
babaturanna. Fira kasima ka Arya pas mimiti panggih. Leungeun Fira teu lesot
kusabab kasima ka Arya. Alia ngadehem nempo eta leungeun Fira anu teu lesot ti
leungeun Arya. Fira reuwas ku deheman Alia terus ngalesotkeun leungeunna bari
salah tingkah.
Rani:
“Abdi teh sareng rerencangan nuju milarian tempat wisata dilembur Cidawung. Ari
tempat wisata didieu teh naon wae sih ? Trus dimana ?”
Fira:
“Oh.. Didideu teh aya Pantai Nyembre, Cagar Alam Raya Indah, Kampung Ketek,
Taman Doyong, jeung masih seueur keneh sih. Tapi ayeuna mah mending ka Pantai
Nyembre we, da caket ti dieu mah. Jalanna tidieu lurus, belok kanan lurus trus
engke mendak plang Pantai Nyembre.”
Adi
: “Kieu we atuh, kumaha upami ku abdi sareng rerencangan didieu dianteur we
kaditu, sakantenan ameng.”
Vanessa:
“Oh iya enya atuh, hayuu barudakkk!”
Teu kosi lila, maranehna nepi ka eta tempat wisata nu
kasebut Pantai Pasir Bodas. Anu endah ku basisirna jeung Pasir Putihna.
Maranehna kasima tuluy ngarasakeun kaendahan eta tempat.
Keur ngarasakeun kaedahan Pantai Pasir Bodas, Arya jeung
Arum patabrak.
Arya
: “Duh!” (patabrak) “Eh, Arum…” (seuri eraeun)
Arum
: “Aduh punten Arya teu kahaja..”
Arya
: “Wios-wios.” (semu bungah ku Arum)
Barudak teh aya anu niis ngarasakeun
kaendahan Malawas, aya nu selfie, anu anu ngarumpi, jeung sajabana.
Saeunggeusna, maranehna baralik ka
imahna masing-masing. Maranehna ngarasa puas tos arulin ti tempat eta.
Poe isukna, barudak dayeuh jeung barudak desa ngarencanakan
neangan tempat nu endah deui. Maranehna kumpul di bumina Uwa Rohim.
Joko
: “Heh barudak, kumaha lamun ka Cagar Alam Raya Indah, sugan we panggih jeung
calon jodoh.”
Nadia
: “Enya nyong diditu mah loba calon jodoh meneh.”
Joko
: “Har, nyong tuda urang mah payu.”
Nadia
: “Enya! Nu sok gugulantungan.”
Joko
: “Ari maneh..!!”
Annabeth
: “Ari kitu saha dih nu gugulantungan teh ?”
Joko,
Nadia, Alia, Arum, Fira, Adi, Bagas, Arya, Kevin, Vanessa, Rani : “MONYEETT!!!”
(sakabeh nu aya didinya ngomong kitu bari semu ngaledek ka Annabeth)
Annabeth
: (bingung) “oh…. Hahahahaha”
Adi
: “Geus ah! Hayu yeuh urang mangkat.”
Rani
: “Enya hayu yeuh, guys!”
Vanessa
: “Kela-kela! Rek make sunblock heula. Bisi item geura kulit abi teh”
Kevin
: “Hadeuh.. Kadar rek ka leuweung mani pake sunblock sagala.”
Barudak teu nyadareun yen uwa Rohim
indit ngaleos ti imahna henteu aya wartos ka barudak.
Saenggeus baradami tungtungna barudak nangtukeun tempat
tujuan poe ayeuna teh nuju ka hiji leuweung nu aya di eta pakampungan, nyaeta
Cagar Alam Raya Indah, anu tempatna deukeut basisir. Saenggeus wanci rada
beurang barudak geus sarariap muru katempat tujuan. Di jalan teh barudak sibuk
haleureuy. Teu karasa eta barudak teh tepi dihiji leuweung.
Vanessa
: “Asa horor euy! Mani keueung kieu! Moal kenapa-kenapa dih didieu?”
Alia
: “Kalem we kalem geura barudak! Moal kunanaon ieuh! Dijamin aman!”
Fira
: “Hey barudak! Kaditu yu!”
Tuluy barudak anu araya didinya nuju
ka tempat anu ditunjukkeun ku Fira. Geus nepi teh barudak anu arulin di Cagar
Alam Raya Indah ngarasakeun kaendahan eta tempat, aya anu popotoan, jeung aya
nu ngarobrol. Teu lila geus popotoan
Annabeth jeung Nadia bebeja ka Arum rek neangan wc.
Annabeth
: “Arum abi bade milarian wc nya sareng Nadia.” (semu rariweuh)
Arum
: “Oh enya sok.”
Nadia
: “Babay teteh!” (centil)
Annabeth jeung Nadia ninggalkeun
barudak di eta tempat. Annabeth jeung Nadia mapay jalan anu aya di leuweung.
Nadia pohoeun deui jalan anu ka wc jadi teu bisa nganteur Annabeth. Kusabab
kitu, Nadia alimeun nganteur Annabeth tapi Annabeth maksa ka Nadia sangkan
nganteur ka wc da geus teu tahaneun hayang kahampangan.
Nadia
: “Ih abi poho deui kamana sih jalanna.”
Annabeth
: “Piraku..! Atuh kumaha da abi geus teu tahan hayang kahampangan.”
Nadia
: “Atuh kumaha da abi ge teu terang, mending balik deui yu!”
Annabeth
: “Ih ulah balik deui hayu we tuluykeun neangan,tatanya-tatanya atuh ka batur”
Nadia
: “Enya-enya atuh hayu.”
Annabeth jeung Nadia masing bingung
oge tetep neangan wc. Ahirna Annabeth jeung Nadia manggih wc anu geus titatadi
di teangan.
Annabeth
: “Alhamdulilahhhhhh, tuh geuning manggih wc teh.”
Saenggeus Annabeth jeung Nadia ti
wc, tuluy we manehna baralik deui. Dijalan Annabeth jeung Nadia teu nyahoeun
jalan balik deui. Atuh sasab anu kadua kalina.
Nadia
: “Duh ieu jalan balikna kamana nya ? Keur mah mani keueung kieu, matak
hariwang.”
Annabeth
: “Euleuh, gara-gara abi kalah sasab kieu, hampuralah Nad!”
Dijalan kasampak aya Uwa Rohim anu keur nyiapkeun
peralatan keur nuar jeung motongan kai.
Nadia:
“Ih! Itu siga wa Rohim! Nuju naon nya? ”
Anabeth:
“Ih enya geuning. Duka, yu atuh cuang caketan!”
Tuluy we Nadia jeung Annabeth nyampeurkeun Uwa Rohim.
Nadia
: “Uwa nuju naon dih didieu?”
Annabeth
: “Ih uhun geuning aya Uwa didieu.”
Uwa
Rohim : “Har! Na-Naha maraneh aya didieu ?” (gagap)
Nadia
: “Abi mah da nuju ameng didieu, ari uwa nuju naon didieu?”
Uwa
Rohim : “Eu… Uwa nujuuu… Ih itu naon!?” (bari nunjuk ka salah sahiji tempat
pikeun ngalihkeun perhatosan Annabeth jeung Nadia)
Uwa Rohim ujug-ujug ngabekem Nadia jeung Annabeth pikeun
Nadia jeung Annabeth tuluy pingsan.
Barudak anu keur arulin di Cagar Alam eta heran yen
Annabeth jeung Nadia can mulang ti wc.
Fira
: “Hey hey barudak!”
Arum
: “Aya naon Fir meni riweuh kitu? Tenang atuh tenang.”
Fira
: “Ari Annabeth jeung Nadia kamana yeuh ning teu aya ? Boa nyasab eta budak teh?”
Arya
: “Ass ning enya euweuh eta budak dua teh?” (bari culak-cileuk)
Arum
: “Hayu atuh pilarian!”
Tuluy maranehna neangan Annabeth jeung Nadia.
Kevin
: “Ke heula! Ieu teh ek neanganna kamana atuh da teu apal arahna.”
Bagas
: “Tadi sugan jalanna kamana?”
Arya
: “Tadi asana mah kaditu.” (bari nunjuk ka arah jalan nu didinya)
Arum
: “Oh,enya hayu atuh.” (sura-seuri ka Arya)
Arum, Fira, Kevin, jeung Arya
neangan Annabeth jeung Nadia ka jalan anu geus di tunjukkeun ku Arya.
Uwa Rohim tuluy nyulik Annabeth
jeung Nadia, manehna mawa Annabeth jeung Nadia ka salasahiji gubuk nu aya di
daerah eta. Uwa Rohim tuluy nalian suku jeung leungeun Annabeth jeung Nadia.
Teu lila Nadia jeung Annabeth sadar tina pingsan.
Nadia
: “Ehh, ari ieu teh dimananya?”
Annabeth
: “Oh nya, nya dimana ieu teh bet asa mani kareueung kieu?”
Annabeth
jeung Nadia ngahuleng mikiran kumaha mimitina maranehna bisa aya di ieu tempat.
Teu lila Annabeth ka ingetan yen manehna papanggih jeung Uwa Rohim di leuweung.
Annabeth
: “Nad, urang inget tadi teh memeh urang aya didieu papanggih heula jeung Uwa
Rohim nu keur nebang kai milik nagara. Tah geus papanggih jeung Uwa Rohim teu
inget deui bet langsung aya didieu.”
Nadia
: “Oh heueuh nya urang ge kakara inget, boa-boa urang teh di culik ku Uwa Rohim
da pedah geus papanggih jeung Uwa Rohim urang langsung aya didieu.”
Annabeth
: “Nya puguh, geuning Uwa Rohim teu nyangka kitu nya?”
Nadia
: “Aduh atuh kumaha ieu kalah sarieun, kabur we yu!”
Annabeth
: “Ih ari maneh sok belemo jalanna ka mendi, barinage leungeun jeung suku
ditalian rek kumaha kaburna. ”
Nadia
: “Aduhhhh kumaha ieu atuh?” (Nadia manyun bingung bari hariwang)
Annabeth
: (gudag-gedeg manyun)
Keur neangan Annabeth jeung Nadia,
Arum jeung Arya beuki deukeut, anu matak Fira jemedud balas ku sirik jeung
keuheul ka Arum. Sedengkeun Alia jeung Bagas oge sarua, pasangan anu nebarkeun
kadeukeutan, anu matak Bagas heneg.
Adi
: “Euleuh bep, kumaha atuh ? Moal nanaon tah budak ?”
Alia
: “Insyaallah moal geura, tenang we.”
Bagas
: “Lah ulah gandeng, pokus geura neangan!”
Rani
: “Aduh.. Saya teh capek, lelah. Gimana ini teh ?”
Vanessa
: “Enya ih. Bitis abi ge mani tos pegel-pegel yeuh.”
Alia
: “Ampun..kalian teh mani lalebay kitu. Hayu enggal yeuh pilarian sing leres.”
Bagas
: “Kumaha lamun kieu, Joko nelepon Bu RT sareng Ibu-Ibu anu sanesna kadieu,
mantuan milari.”
Joko
: “Oh uhun.” (Tuluy nelepon)
Joko
: “Muhun atos barade kadieu saurna.”
Bagas
: “Hun.”
Maranehna nu aya didinya masih keneh
pada ngageroan ngaran Annabeth jeung Nadia. Teu lila Bu RT (alias Bi Nia), Ibu
Nur, Ibu Kokom, jeung Wa Ani datang kadinya.
Bu
RT : “Asalamu’alaikum.. keur kumaha dih bet bisa laleungit eta Annabeth jeung
Nadia teh? Sok jentrekeun ka bapak kumaha mimitina?”
Arum
: “Janten kieu bu, tadi teh Annabeth sareng Nadia wawartos bade ka WC hoyong
kahampangan, dugi ka ayeuna teu acan uih-uih. Titadi dugi ka ayeuna dipilarian
teu acan kapendak.”
Bu
RT : “Ampuuunnn ari budak sok aya-aya be pimasalaheun teh. Sok atuh ayeuna mah pilarian
we sasarengan!”
Sakabeh anu aya didinya tuluy sibuk
ngageroan ngaran Annabeth jeung Nadia.
Teu lila Bagas jeung Joko nempoeun saung leutik anu
tempatna teu ka urus. Maranehna curiga ka eta tempat.
Bagas
: “Ko, eta tempat naon nya ?”
Joko
: “Teuing, yu geura deukeutan!”
Bagas
: “Ieu sendalna si Annabeth lin ? Boa-boa…”
Ditengah-tengah keur neangan, Fira nempoeun Arya jeung
Arum anu beuki deket tea. Fira rek ngancam Arum meh jauh ti Arya.
Fira
: (ngabebetot leungeun Arum)
Fira
: “Asana, ditilik-tilik maneh jeung si Arya beuki deukeut wae. Atawa maneh
resep ka Si Arya ? Nyaho teu dih maneh urang teh resep ka si Arya ? Naha bet
kalah maneh nu deukeut jeung si Arya ? Cik atuh maneh teh sahabat urang lin ?”
Arum
: “Eu…” (rek ngajelaskeun ka Fira tapi kaburu dipotong ku Fira)
Fira
: “Geus lah ! Ti mimiti ayeuna, lamun maneh deukeut deui jeung si Arya, urang
geus moal nganggap maneh sahabat urang deui!”
Arum
: “Tapi Fir.. Urang rek ngajelaskeun,,,” (kapotong deui)
Fira
: “Geus lah geus ! Teu kudu aya nu dijelaskeun deui. Kabeh ge geus jelas!”
(indit ninggalkeun Arum anu keur bingung)
Arum bingung jeung sedih yen
sahabatna sorangan ngadadak jadi kitu.
Teu
lila Annabeth jeung Nadia kapanggih ku Bagas jeung Joko. Joko nyekap Uwa Rohim,
Bagas nulungan Annabeth jeung Nadia.
Bu
RT : “Astagfirullahaladzim. Kumaha bet bisa jadi kieu wa! Uwa teh salah tos
ngalanggar paraturan Negara, uwa ge terang meureun naha uwa teh neangan duit
tina cara nu salah, ieu teh haram!”
Wa
Ani : “Astaghfirullohadzim Rohim, naha bisa jadi kieu? Atuh salila ieu teh
kuring diparaban ti nu kitu!”
Wa
Rohim : (pasrah nyadar yen manehna
salah)
Ibu
Irah : “Sing sadar maneh teh Rohim, teu boga ka era pisan!”
Bu
Nur : “Geus ayeuna mah Pak RT bawa we tah jalma eta amankeun ka kantor polisi.”
Wa Rohim dijujurung ku sakabeh jalma
nu aya didinya rek dibawa ka kantor polisi. Sedengkeun Arum, Alia, Fira, Adi,
Joko, Arya, Kevin, Bagas, Rani, Vanessa, nanya kaayaan Nadia jeung Annbeth.
Nadia jeung Annabeth ngajelaskeun kumaha asalna bisa aya kajadian siga
kieu.Sakabeh anu ngadenge teu nyarangkaeun Wa rohim boga akal jeung pikiran anu
licik kitu.
Isukna urang dayeuh anu cicing di
imah na Wa rohim ngarasa simpati sakaligus teu nyangka oge.Wa Ani ti sabuat kamari
ngarasa teu ngeunah hate sakaligus nalangsa anu kaciri tina rarayna anu hayoh
wae ngalamun dina korsi ruang tamu.
Annabeth, Arya, Kevin, Bagas, Rani,
jeung Vanessa rek balik deui ka kota tempat maranehna cicing, nyaeta Lembang,
Bandung. Tapi samemeh maranehna baralik, maranehna rek pamitan heula ka urang
kampung. Kasampak aya baladan urang kampung (Arum, Fira, Adi, Nadia, Alia,
Joko) anu rek ngalongok Ua Ani.
Fira
: “Ya Allah Wa…. Sing sabar hun… Ieu teh cocoba ti gusti wa… Pasti aya hikmahna
tina kajadian ieu teh.” (riweuh bari caper ka Arya)
Joko
: “ Enya wa da hirup mah peurih.”
Sakumaha
anu aya didinya iwal Wa Ani jeung Joko : “Jokooo!!!!” (bari make nada laun
jeung mere kode ‘sut’)
Arya
: “Arum hayu ngiring sakedap, aya nu bade dicarioskeun.” (Ngajak si Arum
kaluar, si Fira jamedud)
Kevin
: “Aya naon tah? Curiga euy!”
Arya jeung Arum nepi ka hiji tempat
anu ngan aya manehna duaan.
Arum
: “Aya naon Arya? ”
Arya
: (nyekel leungeun Arum) “Arum, saleresna abi teh…..” (kapotong ku Nadia)
Nadia
: “Aku cin, Aku cin!!! Hahaha kabur ah!”
Arya
: “Arum, saleresna abi teh resep ka Arum. Arum kersa teu janten kabogoh abi
sakaligus janten pendamping hidup abi?”
Arum
: “Euuu, saleresna abi oge sami gaduh rasa ka Arya. Abi kersa janten pendamping
hidup Arya.”
Arya
: “Yes Alhamdulillah!!! Yuhuuuuu…. Nuhun Arum!!!” (jijingkrakan)
Arum
: “Tapiii…” (bingung kusabab ngarasa teu ngeunah ka Fira)
Arya anu jijingkrakan balas atoh teu ngadengeun Arum anu
nyebut ‘tapi’. Di hiji tempat anu teu kacirieun ku Arum jeung Arya, kasampak
aya Fira keur cireumbay nempo kajadian eta ti awal nepi ka ahir.
Adi
: “Kunaon cenah si Arya ?” (ngalongok kaluar ti jero imah Ua Ani)
Teu
lila Fira datang, disusul ku datangna Arum jeung Arya ka eta ruangan.
Adi
: “Kunaon maneh Arya ? Jijingkrakan kitu bari jejeritan!”
Arya
: “Ah, henteu.” (bari seuri mesem)
Alia
: “Cie… Nu tos jadian! PJ na PJ yeuh!”
Bagas
: “Hei! Mumpung sadaya aya didieu, kami, urang kota rek mulang ka Bandung.
Liburan na tas rengse. Kuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana, utamina ka Ua Ani
sareng Ua Rohim tos ngangken sareng di pasihan tempat kanggo abdi sareng
rerencangan. Kira-kira engke tabuh 4 sontenan angkatna. Ua na teu kenging nalangsa
wae nya didieu, sing kuat wa. Wartosan engke ka Ua Rohim, kami ngahaturkeun
nuhun.”
Wa
Ani : “Euleuh-euleuh eta budak! Mani sakeudeung geuning didieuna. Karek ge
kamari!”
Bagas
: “Uhun wa, margi da pami didieu lami mah waktos liburanana moal cekap. Isukan
insyaallah pami liburan deui bade kadieu.”
Nadia
: “Atuh eung anu pasangan anyar bakal LGR.”
Alia
: “LDR meureun!”
Nadia
: “Eh, enya eta maksudna!”
Sakabeh
nu aya didinya sibuk ku kagiatanna masing-masing. Ari kasampak Adi jeung Alia
parebut hp.
Adi
: “Ih kadieukeun bebep!”
Alia
: “Cicing! Nambut ih! Bisi salingkuhanmu! Saha sih ieu?” (ngilikan hp Adi)
Bagas
: “Duh ari batuh mani beuki lengket we nya.” (sora pasrah)
Joko
: “Gas, maneh resep ka si Alia lin ? Tong miharep nu moal datang Gas!”
Bagas
: “Enya bener, Ko!” (pasrah)
Urang dayeuh keur parsiapan pikeun
mulang. Waktu Bagas keur neangan barang manehna, manehna patabrak jeung Fira di
lawang panto. Atuh barang Fira kalah lagrag ka handap tuluy we leungeun Bagas
jeung Fira pacekel bareng. Anu matak Bagas jeung Fira saling papelong-pelong.
Maranehna teu nyadareun yen anu pantes dipikaresep teh aya hareupeunana.
Maranehna saling gelagapan ku gugupna. Tuluy we saling menta hampura terus
indit bari semu bungah.
Fira
tuluy ngadeukeutan Arum.
Fira
: (ngadeukeutan Arum) “Arum, abdi menta hampura! Abdi ngarasa salah. Urang kudu
jadi babaturan salamina! Ulah gara-gara lalaki kalah kieu! Hampura Arum!” (bari
nangkeup Arum)
Arum
: “Uhun ku abdi dihampura pisan Fir…” (saling nangkeup)
Geus sore, urang dayeuh jeung urang kampung papisahan di
hareupeun imahna Ua Ani. Urang dayeuh geus siap rek mangkat.
Ua
Ani : “Kade nya ati ati dijalanna! Salam ka ema jeung bapa maneh di ditu nya
Gas!”
Bagas
: “Uhun Wa.”
Joko
: “Asi mani sakeudeung sakeudeung teuing didieuna ah! Awas siah mun sukan teu
kadieu deui.”
Rani
: “Okeh sip! Tenang, Ko! Pasti kadieu deui.”
(papisah)
Nadia
: “Dadah Annabeth!!! Tong hilapnya ka abi!!!” (ngadadah ka Annabeth anu bales
didadahan deui ku Annabethna)
Arya
: “Arum!! I love you!!!” (ngagorowok)
Fira
: “Dadah Bagas!!! Kade dijalanna!!!” (ngadadah ka Bagas anu bales didadahan
deui ku Bagasna)
Ti poe eta, urang dayeuh jeung urang
kampung ngajalin tali persahabatan, bahkan aya nu bobogohan. Liburan urang
dayeuh di kampung Cidawung loba pisan manpaat jeung hikmah nu bisa dipetik,
saperti kisahna Ua Rohim anus sok nyolong kai nagara, atawa kisah persahabatan
Fira jeung Arum. Urang dayeuh ngarasa teu sabra hayang liburan deui ka kampung
Cidawung.
LAMPIRAN
|
This manuscript is an original text from us. Dedicated for our assignment on 2016.
If you guys wanna see the whole videos of our project, click here for part1 and click here for part2.
Big thanks for everyone who involved in this whole project.
We're just nobody without your big efforts. Love you guys.
Comments
Post a Comment