NASKAH PANATA ACARA - Mieling Maulid Nabi Muhammad SAW

NASKAH PANATA ACARA
 Tema : Mieling Maulid Nabi Muhammad SAW
Rekaan : Hilman Taofik Hidayah

Assalamu‘alaikum Wr. Wb.

            Alhamdulillahirabbil‘alamin wabihi nasta‘inu ‘ala ummu riddunya waddin wasalatu wasalamu ‘ala asrofil ambiya ‘iwal mursalin wa‘ala alihi wasohbihi ajma‘in amma ba‘du.
            Langkung tipayun, manga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT., anu mana kalayan rahmat sareng hidayahna urang sadaya tiasa kumpul ngariung dina raraga “Mieling Maulid Nabi Muhammad SAW.” dina kaayaan sehat wal afiat.
            Shalawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka jungjunan urang sadaya Habibana Wanabiyana Muhammad SAW., ka kulawargina, ka sahabatna, katut ka urang sadaya salaku umatna, aamiin ya Allah ya rabbal ‘alamin.
            Anu ku pribados dipihormat, Bapa Mubaligh Ustadz Malik As-Shaleh, Bapa Kepala Desa Ciliang Bapa H. Totong sinareng perangkatna, Bapa Ketua DKM Masjid Bahrul Ulum Bapa Yaya sinareng perangkatna, Bapa Ketua RT Bapa Sutisna, oge Bapak miwah Ibu hadirin anu sami ku sim kuring dipihormat.
            Sim kuring ngadeg dipayuneun hadirin sadaya wireh kapapancenan salaku panata acara dina ieu acara Mieling Maulid Nabi Muhammad SAW. Supados heunteu nyangkolong kana waktos, sateuacan dikawitan, sim kuring bade ngadugikeun rentetan acara, diantawisna :

  1. Bubuka
  2. Pangaosan ayat suci Al-Qur‘an sareng saritilawah
  3. Sambutan ti atas nami Ketua DKM Masjid Bahrul Ulum
  4. Gerentes manah ti atas nami aparatur pamarentahan Desa Ciliang
  5. Acara inti “Siraman Rohani”
  6. Do‘a atanapi panutup

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, sumangga urang kawitan bae ieu acara kana acara bubuka ku maos basmalah sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahim.
Mugia ku ngalangkungan aosan basmalah nembe, ieu kagiatan kenging barokah sareng ridha Allah SWT. amin ya Allah ya rabbal ‘alamin.
            Acara anu kadua nya eta, Pangaosan ayat suci Al-Qur‘an dilajengkeun sareng saritilawahna. Ka saderek Ahmad sumangga dihaturanan. –PREMEMORI– Hatur nuhun ka saderek Ahmad anu parantos maoskeun kalam ilahina, pamudah-mudahan urang sadaya kenging rahmat ti manten-Na, aamiin ya Allah ya rabbal ‘alamin.
            Dupi acara anu salajengna nya eta sambutan ti atas nami Ketua DKM Masjid Bahrul Ulum anu bade didugikeun ku kersana Bapa Yaya. Sumangga ka Bapa Yaya dihaturanan. –PREMEMORI– Hatur nuhun ka Bapa Yaya anu parantos masihan sambutanana, pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangpaatna, aamiin ya Allah ya rabbal ‘alamin.
            Bapa Ibu Hadirin anu sami linggih, rengse acara anu ka-3, manga urang teraskeun kana acara anu ka-4 nya eta gerentes manah ti atas nami aparatur pamarentahan Desa Ciliang, ka Bapa H. Totong dihaturanan. –PREMEMORI– Hatur nuhun ka Bapa H. Totong anu parantos masihan sambutanana, pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangpaatna, amin ya Allah ya rabbal ‘alamin.
            Ngalincak kana acara anu kalima, nya eta acara inti siraman rohani ti Bapa Ustadz Malik. Sumangga ka Bapa Ustadz Malik waktos sinareng tempat disayogikeun. –PREMEMORI– Ngahaturkeun nuhun ka Bapa Ustadz Malik anu parantos masihan siraman rohanina, mudah-mudahan naon anu didugikeun sing tiasa dilaksanakeun ku urang sarerea, aamiin ya Allah ya rabbal ‘alamin.
            Teu karaos acara demi acara parantos kasanggakeun, manga urang teraskeun kana acara pamungkas nya eta do‘a atanapi panutup. Acara do‘a ieu baris dipingpin ku Bapa Ustadz Malik. Sumangga ka Bapa Ustadz Malik dihaturanan kanggo mingpin do‘a. –PREMEMORI– Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustadz Malik anu parantos mingpin do‘a, mugia do‘a urang sadaya tiasa dikobul ku Allah SWT., aamiin ya Allah ya rabbal ‘alamin.
            Sumangga ieu acara urang pungkas ku maos hamdalah sasarengan,
Alhamdulillahirabbil‘alamin.
Ti sim kuring, rupina sakitu anu kapihatur, mugia tina ieu acara urang sadaya kenging mangpaatna, aamin ya Allah ya rabbal ‘alamin. Pribados, salaku pangjajap acara nyuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina perhatosanana.

Wassalamu‘alaikum Wr. Wb.





*Sawatara materi ieu dicandak tina sababaraha situs web dina google.
*Naskah biantara ieu mung salaku kanggo bahan rujukan/acuan/referensi wungkul, punten teu kenging dijiplak/direpost/dicopy-paste.


Comments

Popular posts from this blog

NASKAH BIANTARA - NGAMUMULE BUDAYA SUNDA

LAPORAN PENELITIAN PERTUMBUHAN DAN PERKEMBANGAN KECAMBAH KACANG HIJAU TERHADAP CAHAYA