NASKAH DRAMA SUNDA - Liburan Dikampung Cidawung

NASKAH DRAMA SUNDA DENGAN 18 TOKOH PEMAIN




DRAMA BASA SUNDA
KELOMPOK 2 XI IPA 5
Judul : Liburan Dikampung Cidawung
Tema : Asmara, Sosial, Komedi
DAPTAR TOKOH :
1.      AEP SAEPULOH janten ADI SANTOSO (Ramah)
2.      CECEP ROHIM janten WA ROHIM (Licik)
3.      DIAH NUROHMAH janten VANESSA MAYOR (Centil/Manja)
4.      EKO SUNARTO janten JOKO WIDJAYA (Kocak, Dewasa sakapeung)
5.      FATWA ARYA PUJANGGA janten ARYA MAULANA IBRAHIM (Bageur, Kalem)
6.      HILMAN TAOFIK HIDAYAH janten BAGAS DIRGANTARA (Bageur, Ramah)
7.      INTAN NURMAYANTI janten IBU KOKOM (Rempong)
8.      KIKI KURAESIN janten FIRA ANGGRAINI (Heboh)
9.      KRISNA MAULANA janten KEVIN PUJANGGA (Kocak)
10.  LESTYA JULI ANDINI janten ARUM CAHYA NINGSIH (Bageur, Ramah)
11.  NISA LAILA ISNAENI janten IBU NUR (Rempong)
12.  PURI ANI SUSANTO janten IBU IRAH (Rempong)
13.  RITA ROSITA janten BI NIA/IBU RT (Kalem jeung Bijak)
14.  SILVIA AGUSTINA janten NADIA PITALOKA (Boloon)
15.  TETI HERAWATI janten ALIA MASAYU PUTRI (Dewasa)
16.  USWATUN HASANAH janten ANNABETH GLORIA (Telmi)
17.  WINDA YULIANI janten WA ANI (Bageur)
18.  WINDI PANDARANI janten RANI CAROLINE (Manja/Centil)


Kacarioskeun aya sakelompok jalmi dayeuh anu berlibur ka lembur Cidawung. Kaleresan aya salah sahiji jalmi dayeuh kasebat anu ngabogaan kulawargi di kampung Cidawung anu namina uwa Rohim jeung uwa Ani. Sakelompok jalmi dayeuh eta namina nyaeta ; Rani, Arya, Annabeth, Vanessa, Bagas, jeung Kevin.
            Rani, Arya, Annabeth, Vanessa, Bagas, jeung Kevin turun tina motor tukang ojek. Tos dugi dilembur Cidawung Bagas teh poho imah dulurna. Teu lila manehna nanyakeun ka ibu ibu anu  keur ngarumpi di warung. Ibu Yanti, Ibu Nur, sareng Ibu Irah teh katelah tukang gosip di lembur Cidawung.
Ibu Kokom, Ibu Nur, Bi Nia sareng Ibu Irah ngarumpi diwarung Bi Nia.
Bagas : “ Assalamualaikum bu, bade tumaros bumina bapa Rohim palih mana?”
Ibu Nur: “Euleuh-euleuh eta budak teh meni kasep”.
Ibu Kokom : “Ari si Yanti, teu kaop nempo lalaki anu herang meni riweuh we. Yeuh jang tidieu teh lurus, belok ka kenca, lurus deui belok ka katuhu, aya masjid, tuluy ka wetan”.
Bi Nia: “Ti palih mana kitu jang?”
Bagas : “Abdi teh ti Lembang, Bandung ibu..”
Annabeth : “Mangga atuh bu hatur nuhun,bade teras…”
Sakabeh urang kota: “Assalamualaikum…”
Ibu-ibu : “Wa’alaikumsalam”
Teu lila Bagas jeung babaturanana nepi di imahna Uwa Rohim.
Bagas : “Assalamualaikum..”
Arya: “Wa, uwaaaa, kamana dih si uwa tehh…”
Kevin: “Ka endi deui lahh ,, eeeeee yg bener baeee…. ?”
(kereeeketttttt) panto disada, Uwa kaluar.
Wa rohim: “Euleuh euleuh ieu budak , mangga hayu kalebet!”
Sakabeh jalma anu aya diluar lebet ka bumi wa Rohim.
Wa Ani : “ Duhhhh,, si ujang meni geus ageung kieu , meni pangling uwa mah , kumaha damang? Ari ieu saha wae ?”
Bagas : “Ahhh si uwa, alhamdulilah wa sae, ieu rerencangan wa, maksad kadieu teh bade liburan”.
Wa Rohim: “Ohh.. enya enya, sok atuh gera marandi, tuluy engke gera taruang.”
Bagas jeung babaturanna ngampihan barang bawaanna.
Isukna Bagas, Arya, Kevin, Anna, Echa, Rani indit neangan tempat wisata anu aya di daerah Cidawung. Bagas teu kaburu nanyakeun ka uwana sabab uwa na keur ka kebon ti isuk mula, geus nepi di hiji tempat, urang kota eta bingung neangan tempat wisata na. Teu lila papanggih jeung Alia, Nadia, Adi, Joko, Fira dihiji gardu anu paranti ulin barudak.
Adi : “Punten asa nembe ningal, ti palihan mana ?”
Kevin : “Abdi sareng rerencangan ti Bandung anu nuju liburan didieu.”
Alia : “Oh atanapi ieu teh wargina wa Rohim ?”
Bagas : “M-Muhun abdi wargina.” (riweuh caper sabab ngarasa kasima ka Alia)
Bagas jeung babaturanna kenalan jeung Adi sarta babaturanna. Fira kasima ka Arya pas mimiti panggih. Leungeun Fira teu lesot kusabab kasima ka Arya. Alia ngadehem nempo eta leungeun Fira anu teu lesot ti leungeun Arya. Fira reuwas ku deheman Alia terus ngalesotkeun leungeunna bari salah tingkah.
Rani: “Abdi teh sareng rerencangan nuju milarian tempat wisata dilembur Cidawung. Ari tempat wisata didieu teh naon wae sih ? Trus dimana ?”
Fira: “Oh.. Didideu teh aya Pantai Nyembre, Cagar Alam Raya Indah, Kampung Ketek, Taman Doyong, jeung masih seueur keneh sih. Tapi ayeuna mah mending ka Pantai Nyembre we, da caket ti dieu mah. Jalanna tidieu lurus, belok kanan lurus trus engke mendak plang Pantai Nyembre.”
Adi : “Kieu we atuh, kumaha upami ku abdi sareng rerencangan didieu dianteur we kaditu, sakantenan ameng.”
Vanessa: “Oh iya enya atuh, hayuu barudakkk!”
Teu kosi lila, maranehna nepi ka eta tempat wisata nu kasebut Pantai Pasir Bodas. Anu endah ku basisirna jeung Pasir Putihna. Maranehna kasima tuluy ngarasakeun kaendahan eta tempat.
Keur ngarasakeun kaedahan Pantai Pasir Bodas, Arya jeung Arum patabrak.
Arya : “Duh!” (patabrak) “Eh, Arum…” (seuri eraeun)
Arum : “Aduh punten Arya teu kahaja..”
Arya : “Wios-wios.” (semu bungah ku Arum)
            Barudak teh aya anu niis ngarasakeun kaendahan Malawas, aya nu selfie, anu anu ngarumpi, jeung sajabana.
            Saeunggeusna, maranehna baralik ka imahna masing-masing. Maranehna ngarasa puas tos arulin ti tempat eta.
Poe isukna, barudak dayeuh jeung barudak desa ngarencanakan neangan tempat nu endah deui. Maranehna kumpul di bumina Uwa Rohim.
Joko : “Heh barudak, kumaha lamun ka Cagar Alam Raya Indah, sugan we panggih jeung calon jodoh.”
Nadia : “Enya nyong diditu mah loba calon jodoh meneh.”
Joko : “Har, nyong tuda urang mah payu.”
Nadia : “Enya! Nu sok gugulantungan.”
Joko : “Ari maneh..!!”
Annabeth : “Ari kitu saha dih nu gugulantungan teh ?”
Joko, Nadia, Alia, Arum, Fira, Adi, Bagas, Arya, Kevin, Vanessa, Rani : “MONYEETT!!!” (sakabeh nu aya didinya ngomong kitu bari semu ngaledek ka Annabeth)
Annabeth : (bingung) “oh…. Hahahahaha”
Adi : “Geus ah! Hayu yeuh urang mangkat.”
Rani : “Enya hayu yeuh, guys!”
Vanessa : “Kela-kela! Rek make sunblock heula. Bisi item geura kulit abi teh”
Kevin : “Hadeuh.. Kadar rek ka leuweung mani pake sunblock sagala.”
            Barudak teu nyadareun yen uwa Rohim indit ngaleos ti imahna henteu aya wartos ka barudak.
Saenggeus baradami tungtungna barudak nangtukeun tempat tujuan poe ayeuna teh nuju ka hiji leuweung nu aya di eta pakampungan, nyaeta Cagar Alam Raya Indah, anu tempatna deukeut basisir. Saenggeus wanci rada beurang barudak geus sarariap muru katempat tujuan. Di jalan teh barudak sibuk haleureuy. Teu karasa eta barudak teh tepi dihiji leuweung.
Vanessa : “Asa horor euy! Mani keueung kieu! Moal kenapa-kenapa dih didieu?”
Alia : “Kalem we kalem geura barudak! Moal kunanaon ieuh! Dijamin aman!”
Fira : “Hey barudak! Kaditu yu!”
            Tuluy barudak anu araya didinya nuju ka tempat anu ditunjukkeun ku Fira. Geus nepi teh barudak anu arulin di Cagar Alam Raya Indah ngarasakeun kaendahan eta tempat, aya anu popotoan, jeung aya nu ngarobrol. Teu lila geus popotoan  Annabeth jeung Nadia bebeja ka Arum rek neangan wc.
Annabeth : “Arum abi bade milarian wc nya sareng Nadia.” (semu rariweuh)
Arum : “Oh enya sok.”
Nadia : “Babay teteh!” (centil)
            Annabeth jeung Nadia ninggalkeun barudak di eta tempat. Annabeth jeung Nadia mapay jalan anu aya di leuweung. Nadia pohoeun deui jalan anu ka wc jadi teu bisa nganteur Annabeth. Kusabab kitu, Nadia alimeun nganteur Annabeth tapi Annabeth maksa ka Nadia sangkan nganteur ka wc da geus teu tahaneun hayang kahampangan.
Nadia : “Ih abi poho deui kamana sih jalanna.”
Annabeth : “Piraku..! Atuh kumaha da abi geus teu tahan hayang kahampangan.”
Nadia : “Atuh kumaha da abi ge teu terang, mending balik deui yu!”
Annabeth : “Ih ulah balik deui hayu we tuluykeun neangan,tatanya-tatanya atuh ka batur”
Nadia : “Enya-enya atuh hayu.”
            Annabeth jeung Nadia masing bingung oge tetep neangan wc. Ahirna Annabeth jeung Nadia manggih wc anu geus titatadi di teangan.
Annabeth : “Alhamdulilahhhhhh, tuh geuning manggih wc teh.”
            Saenggeus Annabeth jeung Nadia ti wc, tuluy we manehna baralik deui. Dijalan Annabeth jeung Nadia teu nyahoeun jalan balik deui. Atuh sasab anu kadua kalina.
Nadia : “Duh ieu jalan balikna kamana nya ? Keur mah mani keueung kieu, matak hariwang.”
Annabeth : “Euleuh, gara-gara abi kalah sasab kieu, hampuralah Nad!”
Dijalan kasampak aya Uwa Rohim anu keur nyiapkeun peralatan keur nuar jeung motongan kai.
Nadia: “Ih! Itu siga wa Rohim! Nuju naon nya? ”
Anabeth: “Ih enya geuning. Duka, yu atuh cuang caketan!”
Tuluy we Nadia jeung Annabeth nyampeurkeun Uwa Rohim.
Nadia : “Uwa nuju naon dih didieu?”           
Annabeth : “Ih uhun geuning aya Uwa didieu.”
Uwa Rohim : “Har! Na-Naha maraneh aya didieu ?” (gagap)
Nadia : “Abi mah da nuju ameng didieu, ari uwa nuju naon didieu?”
Uwa Rohim : “Eu… Uwa nujuuu… Ih itu naon!?” (bari nunjuk ka salah sahiji tempat pikeun ngalihkeun perhatosan Annabeth jeung Nadia)
Uwa Rohim ujug-ujug ngabekem Nadia jeung Annabeth pikeun Nadia jeung Annabeth tuluy pingsan.
Barudak anu keur arulin di Cagar Alam eta heran yen Annabeth jeung Nadia can mulang ti wc.
Fira : “Hey hey barudak!”
Arum : “Aya naon Fir meni riweuh kitu? Tenang atuh tenang.”
Fira : “Ari Annabeth jeung Nadia kamana yeuh ning teu aya ? Boa nyasab eta budak teh?”
Arya : “Ass ning enya euweuh eta budak dua teh?” (bari culak-cileuk)
Arum : “Hayu atuh pilarian!”
Tuluy maranehna neangan Annabeth jeung Nadia.
Kevin : “Ke heula! Ieu teh ek neanganna kamana atuh da teu apal arahna.”
Bagas : “Tadi sugan jalanna kamana?”
Arya : “Tadi asana mah kaditu.” (bari nunjuk ka arah jalan nu didinya)
Arum : “Oh,enya hayu atuh.” (sura-seuri ka Arya)
            Arum, Fira, Kevin, jeung Arya neangan Annabeth jeung Nadia ka jalan anu geus di tunjukkeun ku Arya.
            Uwa Rohim tuluy nyulik Annabeth jeung Nadia, manehna mawa Annabeth jeung Nadia ka salasahiji gubuk nu aya di daerah eta. Uwa Rohim tuluy nalian suku jeung leungeun Annabeth jeung Nadia.
Teu lila Nadia jeung Annabeth sadar tina pingsan.
Nadia : “Ehh, ari ieu teh dimananya?”
Annabeth : “Oh nya, nya dimana ieu teh bet asa mani kareueung kieu?”
Annabeth jeung Nadia ngahuleng mikiran kumaha mimitina maranehna bisa aya di ieu tempat. Teu lila Annabeth ka ingetan yen manehna papanggih jeung Uwa Rohim di leuweung.
Annabeth : “Nad, urang inget tadi teh memeh urang aya didieu papanggih heula jeung Uwa Rohim nu keur nebang kai milik nagara. Tah geus papanggih jeung Uwa Rohim teu inget deui bet langsung aya didieu.”
Nadia : “Oh heueuh nya urang ge kakara inget, boa-boa urang teh di culik ku Uwa Rohim da pedah geus papanggih jeung Uwa Rohim urang langsung aya didieu.”
Annabeth : “Nya puguh, geuning Uwa Rohim teu nyangka kitu nya?”
Nadia : “Aduh atuh kumaha ieu kalah sarieun, kabur we yu!”
Annabeth : “Ih ari maneh sok belemo jalanna ka mendi, barinage leungeun jeung suku ditalian rek kumaha kaburna. ”
Nadia : “Aduhhhh kumaha ieu atuh?” (Nadia manyun bingung bari hariwang)
Annabeth : (gudag-gedeg manyun)
            Keur neangan Annabeth jeung Nadia, Arum jeung Arya beuki deukeut, anu matak Fira jemedud balas ku sirik jeung keuheul ka Arum. Sedengkeun Alia jeung Bagas oge sarua, pasangan anu nebarkeun kadeukeutan, anu matak Bagas heneg.
Adi : “Euleuh bep, kumaha atuh ? Moal nanaon tah budak ?”
Alia : “Insyaallah moal geura, tenang we.”
Bagas : “Lah ulah gandeng, pokus geura neangan!”
Rani : “Aduh.. Saya teh capek, lelah. Gimana ini teh ?”
Vanessa : “Enya ih. Bitis abi ge mani tos pegel-pegel yeuh.”
Alia : “Ampun..kalian teh mani lalebay kitu. Hayu enggal yeuh pilarian sing leres.”
Bagas : “Kumaha lamun kieu, Joko nelepon Bu RT sareng Ibu-Ibu anu sanesna kadieu, mantuan milari.”
Joko : “Oh uhun.” (Tuluy nelepon)
Joko : “Muhun atos barade kadieu saurna.”
Bagas : “Hun.”
            Maranehna nu aya didinya masih keneh pada ngageroan ngaran Annabeth jeung Nadia. Teu lila Bu RT (alias Bi Nia), Ibu Nur, Ibu Kokom, jeung Wa Ani datang kadinya.
Bu RT : “Asalamu’alaikum.. keur kumaha dih bet bisa laleungit eta Annabeth jeung Nadia teh? Sok jentrekeun ka bapak kumaha mimitina?”
Arum : “Janten kieu bu, tadi teh Annabeth sareng Nadia wawartos bade ka WC hoyong kahampangan, dugi ka ayeuna teu acan uih-uih. Titadi dugi ka ayeuna dipilarian teu acan kapendak.”
Bu RT : “Ampuuunnn ari budak sok aya-aya be pimasalaheun teh. Sok atuh ayeuna mah pilarian we sasarengan!”
            Sakabeh anu aya didinya tuluy sibuk ngageroan ngaran Annabeth jeung Nadia.
Teu lila Bagas jeung Joko nempoeun saung leutik anu tempatna teu ka urus. Maranehna curiga ka eta tempat.
Bagas : “Ko, eta tempat naon nya ?”
Joko : “Teuing, yu geura deukeutan!”
Bagas : “Ieu sendalna si Annabeth lin ? Boa-boa…”
Ditengah-tengah keur neangan, Fira nempoeun Arya jeung Arum anu beuki deket tea. Fira rek ngancam Arum meh jauh ti Arya.
Fira : (ngabebetot leungeun Arum)
Fira : “Asana, ditilik-tilik maneh jeung si Arya beuki deukeut wae. Atawa maneh resep ka Si Arya ? Nyaho teu dih maneh urang teh resep ka si Arya ? Naha bet kalah maneh nu deukeut jeung si Arya ? Cik atuh maneh teh sahabat urang lin ?”
Arum : “Eu…” (rek ngajelaskeun ka Fira tapi kaburu dipotong ku Fira)
Fira : “Geus lah ! Ti mimiti ayeuna, lamun maneh deukeut deui jeung si Arya, urang geus moal nganggap maneh sahabat urang deui!”
Arum : “Tapi Fir.. Urang rek ngajelaskeun,,,” (kapotong deui)
Fira : “Geus lah geus ! Teu kudu aya nu dijelaskeun deui. Kabeh ge geus jelas!” (indit ninggalkeun Arum anu keur bingung)
            Arum bingung jeung sedih yen sahabatna sorangan ngadadak jadi kitu.
            Teu lila Annabeth jeung Nadia kapanggih ku Bagas jeung Joko. Joko nyekap Uwa Rohim, Bagas nulungan Annabeth jeung Nadia.
Bu RT : “Astagfirullahaladzim. Kumaha bet bisa jadi kieu wa! Uwa teh salah tos ngalanggar paraturan Negara, uwa ge terang meureun naha uwa teh neangan duit tina cara nu salah, ieu teh haram!”
Wa Ani : “Astaghfirullohadzim Rohim, naha bisa jadi kieu? Atuh salila ieu teh kuring diparaban ti nu kitu!”
Wa Rohim :  (pasrah nyadar yen manehna salah)
Ibu Irah : “Sing sadar maneh teh Rohim, teu boga ka era pisan!”
Bu Nur : “Geus ayeuna mah Pak RT bawa we tah jalma eta amankeun ka kantor polisi.”
            Wa Rohim dijujurung ku sakabeh jalma nu aya didinya rek dibawa ka kantor polisi. Sedengkeun Arum, Alia, Fira, Adi, Joko, Arya, Kevin, Bagas, Rani, Vanessa, nanya kaayaan Nadia jeung Annbeth. Nadia jeung Annabeth ngajelaskeun kumaha asalna bisa aya kajadian siga kieu.Sakabeh anu ngadenge teu nyarangkaeun Wa rohim boga akal jeung pikiran anu licik kitu.
            Isukna urang dayeuh anu cicing di imah na Wa rohim ngarasa simpati sakaligus teu nyangka oge.Wa Ani ti sabuat kamari ngarasa teu ngeunah hate sakaligus nalangsa anu kaciri tina rarayna anu hayoh wae ngalamun dina korsi ruang tamu.
            Annabeth, Arya, Kevin, Bagas, Rani, jeung Vanessa rek balik deui ka kota tempat maranehna cicing, nyaeta Lembang, Bandung. Tapi samemeh maranehna baralik, maranehna rek pamitan heula ka urang kampung. Kasampak aya baladan urang kampung (Arum, Fira, Adi, Nadia, Alia, Joko) anu rek ngalongok Ua Ani.
Fira : “Ya Allah Wa…. Sing sabar hun… Ieu teh cocoba ti gusti wa… Pasti aya hikmahna tina kajadian ieu teh.” (riweuh bari caper ka Arya)
Joko : “ Enya wa da hirup mah peurih.”
Sakumaha anu aya didinya iwal Wa Ani jeung Joko : “Jokooo!!!!” (bari make nada laun jeung mere kode ‘sut’)
Arya : “Arum hayu ngiring sakedap, aya nu bade dicarioskeun.” (Ngajak si Arum kaluar, si Fira jamedud)
Kevin : “Aya naon tah? Curiga euy!”
            Arya jeung Arum nepi ka hiji tempat anu ngan aya manehna duaan.
Arum : “Aya naon Arya? ”
Arya : (nyekel leungeun Arum) “Arum, saleresna abi teh…..” (kapotong ku Nadia)
Nadia : “Aku cin, Aku cin!!! Hahaha kabur ah!”
Arya : “Arum, saleresna abi teh resep ka Arum. Arum kersa teu janten kabogoh abi sakaligus janten pendamping hidup abi?”
Arum : “Euuu, saleresna abi oge sami gaduh rasa ka Arya. Abi kersa janten pendamping hidup Arya.”
Arya : “Yes Alhamdulillah!!! Yuhuuuuu…. Nuhun Arum!!!” (jijingkrakan)
Arum : “Tapiii…” (bingung kusabab ngarasa teu ngeunah ka Fira)
Arya anu jijingkrakan balas atoh teu ngadengeun Arum anu nyebut ‘tapi’. Di hiji tempat anu teu kacirieun ku Arum jeung Arya, kasampak aya Fira keur cireumbay nempo kajadian eta ti awal nepi ka ahir.
Adi : “Kunaon cenah si Arya ?” (ngalongok kaluar ti jero imah Ua Ani)
Teu lila Fira datang, disusul ku datangna Arum jeung Arya ka eta ruangan.
Adi : “Kunaon maneh Arya ? Jijingkrakan kitu bari jejeritan!”
Arya : “Ah, henteu.” (bari seuri mesem)
Alia : “Cie… Nu tos jadian! PJ na PJ yeuh!”
Bagas : “Hei! Mumpung sadaya aya didieu, kami, urang kota rek mulang ka Bandung. Liburan na tas rengse. Kuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana, utamina ka Ua Ani sareng Ua Rohim tos ngangken sareng di pasihan tempat kanggo abdi sareng rerencangan. Kira-kira engke tabuh 4 sontenan angkatna. Ua na teu kenging nalangsa wae nya didieu, sing kuat wa. Wartosan engke ka Ua Rohim, kami ngahaturkeun nuhun.”
Wa Ani : “Euleuh-euleuh eta budak! Mani sakeudeung geuning didieuna. Karek ge kamari!”
Bagas : “Uhun wa, margi da pami didieu lami mah waktos liburanana moal cekap. Isukan insyaallah pami liburan deui bade kadieu.”
Nadia : “Atuh eung anu pasangan anyar bakal LGR.”
Alia : “LDR meureun!”
Nadia : “Eh, enya eta maksudna!”
Sakabeh nu aya didinya sibuk ku kagiatanna masing-masing. Ari kasampak Adi jeung Alia parebut hp.
Adi : “Ih kadieukeun bebep!”
Alia : “Cicing! Nambut ih! Bisi salingkuhanmu! Saha sih ieu?” (ngilikan hp Adi)
Bagas : “Duh ari batuh mani beuki lengket we nya.” (sora pasrah)
Joko : “Gas, maneh resep ka si Alia lin ? Tong miharep nu moal datang Gas!”
Bagas : “Enya bener, Ko!” (pasrah)
            Urang dayeuh keur parsiapan pikeun mulang. Waktu Bagas keur neangan barang manehna, manehna patabrak jeung Fira di lawang panto. Atuh barang Fira kalah lagrag ka handap tuluy we leungeun Bagas jeung Fira pacekel bareng. Anu matak Bagas jeung Fira saling papelong-pelong. Maranehna teu nyadareun yen anu pantes dipikaresep teh aya hareupeunana. Maranehna saling gelagapan ku gugupna. Tuluy we saling menta hampura terus indit bari semu bungah.
Fira tuluy ngadeukeutan Arum.
Fira : (ngadeukeutan Arum) “Arum, abdi menta hampura! Abdi ngarasa salah. Urang kudu jadi babaturan salamina! Ulah gara-gara lalaki kalah kieu! Hampura Arum!” (bari nangkeup Arum)
Arum : “Uhun ku abdi dihampura pisan Fir…” (saling nangkeup)
Geus sore, urang dayeuh jeung urang kampung papisahan di hareupeun imahna Ua Ani. Urang dayeuh geus siap rek mangkat.
Ua Ani : “Kade nya ati ati dijalanna! Salam ka ema jeung bapa maneh di ditu nya Gas!”
Bagas : “Uhun Wa.”
Joko : “Asi mani sakeudeung sakeudeung teuing didieuna ah! Awas siah mun sukan teu kadieu deui.”
Rani : “Okeh sip! Tenang, Ko! Pasti kadieu deui.”
(papisah)
Nadia : “Dadah Annabeth!!! Tong hilapnya ka abi!!!” (ngadadah ka Annabeth anu bales didadahan deui ku Annabethna)
Arya : “Arum!! I love you!!!” (ngagorowok)
Fira : “Dadah Bagas!!! Kade dijalanna!!!” (ngadadah ka Bagas anu bales didadahan deui ku Bagasna)
            Ti poe eta, urang dayeuh jeung urang kampung ngajalin tali persahabatan, bahkan aya nu bobogohan. Liburan urang dayeuh di kampung Cidawung loba pisan manpaat jeung hikmah nu bisa dipetik, saperti kisahna Ua Rohim anus sok nyolong kai nagara, atawa kisah persahabatan Fira jeung Arum. Urang dayeuh ngarasa teu sabra hayang liburan deui ka kampung Cidawung.

LAMPIRAN

Pamingpin Drama
Hilman Taofik Hidayah
Produser
Sadaya Anggota Kelompok Udunan Sasarengan
Sutradara
Hilman Taofik Hidayah
Penulis/Penyusun Skenario
·         Aep Saepuloh
·         Eko Sunarto
·         Diah Nurohmah
·         Hilman Taofik Hidayah
·         Intan Nurmayanti
·         Kiki Kuraesin
·         Lestya Juli Andini
·         Puri Ani Susanto
·         Rita Rosita
·         Silvia Agustina
·         Teti Herawati
·         Uswatun Hasanah
·         Winda Yuliani
Pamaen
1.      AEP SAEPULOH janten ADI SANTOSO
2.      CECEP ROHIM janten WA ROHIM
3.      DIAH NUROHMAH janten VANESSA MAYOR
4.      EKO SUNARTO janten JOKO WIDJAYA
5.      FATWA ARYA PUJANGGA janten ARYA MAULANA IBRAHIM
6.      HILMAN TAOFIK HIDAYAH janten BAGAS DIRGANTARA
7.      INTAN NURMAYANTI janten IBU KOKOM
8.      KIKI KURAESIN janten FIRA
ANGGRAINI
9.      KRISNA MAULANA janten KEVIN PUJANGGA
10.  LESTYA JULI ANDINI janten ARUM CAHYA NINGSIH
11.  NISA LAILA ISNAENI janten IBU NUR
12.  PURI ANI SUSANTO janten IBU IRAH
13.  RITA ROSITA janten BI NIA/IBU RT
14.  SILVIA AGUSTINA janten NADIA PITALOKA
15.  TETI HERAWATI janten ALIA MASAYU PUTRI
16.  USWATUN HASANAH janten
ANNABETH GLORIA
17.  WINDA YULIANI janten WA ANI
18.  WINDI PANDARANI janten RANI CAROLINE
Kameramen
·         Hilman Taofik Hidayah
·         Kiki Kuraesin
·         Lestya Juli Andini
·         Nisa Laila Isnaeni
·         Teti Herawati
Editor film
·         Hilman Taofik Hidayah
Panata Kostum
·         Windi Pandarani
Asisten Panata Kostum
·         Nisa Laila Isnaeni
·         Puri Ani Susanto
·         Silvia Agustina
·         Winda Yuliani
Panata Make Up
·         Lestya Juli Andini
·         Windi Pandarani
Asisten Panata Make Up
·         Diah Nurohmah
·         Teti Herawati
·         Uswatun Hasanah
Dokumentasi / Photografer
·         Windi Pandarani
·         Uswatun Hasanah
Bagean Kaamanan
·         Aep Saepuloh
·         Eko Sunarto
·         Fatwa Arya Pujangga
·         Krisna Maulana
Pangawal Alat
·         Intan Nurmayanti
·         Rita Rosita
·         Winda Yuliani
Konsumsi
·         Cecep Rohim
·         Silvia Agustina
Pangatur Laku / Tokoh
·         Cecep Rohim
·         Hilman Taofik Hidayah
Peralatan
·         Hilman Taofik Hidayah
·         Lestya Juli Andini
·         Nisa Laila Isnaeni
·         Uswatun Hasanah
·         Windi Pandarani
Sekretaris
·         Diah Nurohmah
Bendahara
·         Lestya Juli Andini
Nu Nyusun Ide Carita
·         Hilman Taofik Hidayah
·         Lestya Juli Andini
·         Silvia Agustina
·         Teti Herawati
Nu Mere Ide Tempat / Nu Ngatur Tempat
·         Puri Ani Susanto
·         Rita Rosita
Nu Mere Ide Lakon
·         Diah Nurohmah
·         Kiki Kuraesin
·         Rita Rosita
Nu Nyusun Naskah
·         Aep Saepuloh
·         Diah Nurohmah
·         Eko Sunarto
·         Hilman Taofik Hidayah
·         Intan Nurmayanti
·         Kiki Kuraesin
·         Lestya Juli Andini
·         Puri Ani Susanto
·         Rita Rosita
·         Silvia Agustina
·         Teti Herawati
·         Uswatun Hasanah
·         Winda Yuliani
Nu Ngetik Naskah
·         Diah Nurohmah
·         Hilman Taofik Hidayah
·         Kiki Kuraesin
·         Lestya Juli Andini
·         Silvia Agustina
·         Teti Herawati
·         Uswatun Hasanah
Editor Naskah
·         Diah Nurohmah
·         Hilman Taofik Hidayah
·         Kiki Kuraesin
·         Lestya Juli Andini
Nu Ngalihkeun file tina Hp/HandyCam kana Laptop
·         Hilman Taofik Hidayah
Nu Ngalihkeun file tina Laptop kana CD
·         Hilman Taofik Hidayah
·         Lestya Juli Andini
Nu Mere Ide Judul Drama
·         Aep Saepuloh
·         Eko Sunarto
·         Krisna Maulana
·         Puri Ani Susanto
·         Silvia Agustina
·         Teti Herawati
Nu Ngadesain Photo Cover
·         Diah Nurohmah
·         Windi Pandarani
Nu Ngeprint Naskah
·         Hilman Taofik Hidayah
Nu Ngeprint Photo Cover
·         Hilman Taofik Hidayah



This manuscript is an original text from us. Dedicated for our assignment on 2016.
If you guys wanna see the whole videos of our project, click here for part1 and click here for part2.
Big thanks for everyone who involved in this whole project. 
We're just nobody without your big efforts. Love you guys.

Comments

Popular posts from this blog

NASKAH BIANTARA - NGAMUMULE BUDAYA SUNDA

LAPORAN PENELITIAN PERTUMBUHAN DAN PERKEMBANGAN KECAMBAH KACANG HIJAU TERHADAP CAHAYA